katazikurasana30. Diberdayakan oleh Blogger.

Contoh Makalah Bahasa Sunda


BAB II
KECAP RAJEKAN


2.1.       Wangenan
Kecap rajekan teh mangrupa wangun kecap jembar hasil tina proses ngarajek atawa reduplikasi.
Reduplikasi mangrupa ngarajek sagemblengna atawa sabagian wangun dasar (base), kalawan atawa tanpa parobahan jero, saacan atawa sanggeus ngawujud wangun dasarna.
Kecap rajekan mangrupa hasil tina proses ngarajek kecap, nya eta proses ngawangun kecap ku cara ngarajek (ngulang) sabagian atawa sagemblengna wangun asal, boh binarung rarangken boh henteu (Sudaryat, 1985:69).
Jadi kacindekkanana, kecap rajekan mangrupa hasil tina proses ngarajek, sedengkeua anu dimaksud proses ngarajek nya eta proses ngawangun kecap ku jalan ngarajek (malikan) wangun dasar sagemblengna atawa sabagian, boh binarung ku variasi fonem boh henteu, bisa make rarangken bisa henteu. Proses ngarajek kecap aya nu dua kali aya oge anu tilu kali. Nu dua kali ngawengku, Dwilingga, Dwipurwa jeung Dwimadya. Anu tilu kali nya eta Trilingga. Tri Lingga jeuug Dwi Wasana sabenerna teu aya wangun dasarna. Lantaran reu bisa kaparanggih wangun dasarna, teu kaasup kana kecap rajekan jadi Trilingga jeung Dwi Wasana.
2.2.       Wangun Rajekan Kecap
Wangun rajekan kecap nyaeta wangun kecap anu dirajek jeung lamun ditilik tina jihad strukturna bakal ngabalukarkeun ayana hubungan gramatik antara wangun dasar jeung wangun rajekan.
Nurutkeun Alam Sutawijaya, spk. (1981:10) sacara gurat badag ditilik tina wangunna, kecap rajekan ngawengku (i) Dwilingga, (2) Dwipurwa, (3) Dwimadya, dan (4) trilingga. Sangkan leuwarih eces titenan bagan ieu di handap!


a.       Dwilinga
Cindekna dwilingga nyaeta kecap rajekan nu mangrupa hasil ngarajek wangun asal atawa wangun dasar sagemblengna boh dibarung ku robahna sora boh henteu, bisa binarung jeung rarangken boh henteu. Ku kituna, dwilingga ngawengku dwimurni, dwireka, jeung dwilingga binarung rarangken.
(1).        Dwimurni
Dwimurni nyaeta dwilingga kecap rajdkan nu mangrupa hasil ngarajek wangun dasar sagemblengna tur teu dibarung jeung variasi fonem atawa teu robah sora, conto:


Angka – angka                        Buku – buku
Bener – bener                          Guru – guru
Ganti – ganti                           Hiji - hiji
 
 



(2).    Dwireka
Dwireka nyaeta dwilingga nu ngalaman robah fonem vokal boh dina unsur kahiji boh dina unsur kadua (Sutawijaya, spk., 1982:12). Dwireka nyaeta kecap rajekan nu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun asal sarta binarung jeung variasi fonem (robah sora) (Sudaryat, 1985 : 70).
Buca – baca                 Cut – cat
Culak – Cileuk            Alangah – elengeh
Jul – jol                        Jubras – jebris
 
Conto dwireka anu robah sora dina unsur kahiji :




Conto dwireka nu robah sorana dina unsur kudua:


Asal – usul                  Cruk – crek
Maurah – mareh          Rawah – riwih            
 
 




(3).    Dwilingga Binarung Rarangken
Nu dimaksud dwilingga binarung sarangken nyaeta kecap rajekan hasil ngarajek wangun asal atawa dasar sagemblengna boh dibarung jeung robahna sora boh heunteu tur dibarung ku rarangken. Ku kituna, dwilingga dibarung rarangken ngawengku dwimurni binarung rarangken jeung dwireka binarung rarangken,
b.      Dwipurwa
Dwipurwa nyaeta kecap rajekan nu dihasilkeun tina proses ngarajek engang mimiti (silabe kahioi) wangun asal atawa wangun dasar, boh binarung rarangken, boh heunteu.
c.       Dwimadya
Dwimadya nya eta kecap rajekan nu dihasilkeun tina proses ngarajek engang tengah wangun dasar ataiwa asal boh hinarung rarangken boh heunteu.
Conto dwimadya teu make rarangken anu geus kapanggih ngan ukur kecap sababaraha.
Conto dwimadya binarung rarangken nya eta:
sapopoe                   sadidinten
sajoljoleun               sagokgokeun
sapeupeutinq           sagepgepeun
d.      Trilingga
Trilingga nya eta kecap rajekan nu diwangun ku cara ngulang atawa nyebut tilu kali, wangun asalna, biasana mangrupa kecap anteuran, tiruan sora, sarta binarung jeung variasi fonem (Sudaryat, 1985:65).
Ku kituna, proses nyebutkeun tilu kali saperti kasebut di luhur, salawasna bakal timbul robah vokal dumasar kana pola nu tangtu. ieu hal utamana mah lantaran mandiri ayana dina basa Sunda teh masih keneh hirup. Contona:
blak-blek-blok     dar-der-dor
plak-plek-plok     dag-dig-dug
 gang-ginq-gung plak-plik-pluk
2.3.       Fungsi Ngarajek Kecap
Fungsi ngarajek kecap nyaeta fungsi nu ngahasilkeun warna kecap anyar. Ku kituna, medar perkara fungsi rajekan kecap raket patalina jeung papasingan warna kecap nu jadi cecekelanana.
Pedaran ngeunaan Papasingan kategori kecap beunang Sutawijaya, spk. Bisa nempo dina perkara “Papasingan Kecap Dumasar kana Kategorina (Warnana)” :
a)    Fungsi Nominal
Fungsi nominal nyaeta fungsi rajekan pikeun ngawangun atawa ngarobah warna kecap sejen jadi kecap barang, contona:
bawa (Verbal) robah jadi babawaan
gede (ajektiva) robah jadi gegeden
b)      Fungsi Verbal Fungsi verbal nya eta fungsi rajekan pikeun ngawangun atawa ngarobah warna kecap sejen jadi kecap pagawean, contona:
beja (nomina)      robah jadi        bebeja
reuwas (ajektiva) robah jadi        ngareureuwas
sodor (cakal)       robah jadi      disodor-sodorkevn
c)    Fungsi Ajektival
Fungsi ajektival nya eta fungsi rajekan pikeun ngawangun atawa ngarobah warna kecap sejen jadi kecap sipat, contona:
asa (cakal)                   robah jadi        asa-asa
ati (nomina)        robah jadi        ati-ati
dor (partikel)      robah jadi       dar-der-dor
d)   Fungsi Numeral
Fungsi numeral nya eta fungsi rajekan pikeun ngawangun atawa ngarobah warna kecap sejen jadi kecap bilangan, contona:
likur (cakal)        robah jadi        manglikur-likzcr
pirang (cakal)     robah jadi       mangpirang-pirang
welas (cakal)       robah jadi       welas-welas
2.4.       Ciri rajekan kecap
Nu dimaksud ciri kecap rajekan dina ieu pedaran nya eta identitas rajekan nu ngawengku ciri semantik jeung ciri morfologis. Ciri semantik nya eta ciri kecap rajekan nu aya patalina jeung robahna wangun sarta harti kecap, sedengkeun ciri morfologis nya eta ciri kecap rajekan nu aya patalina jeung robahna wangun sarta kategori kecap.
Ciri nu kahiji yen wangu dasar kecap rajekan kudu ngandung harti sakurang – kurangna harti pokok, contona : sesepak, tatajong, babayaran. Kaasup kecap rajekan sabab mangrupa wangun dasar numiboga harti beda jeung kecap kadongdong, congcorong, teu kaasup kecap rajekan, sabab ngawangun dasar nu teu ngaboga harti.
Ciri nu kadua netelakeun yen antara mangun rejekan jeung wangun dasar salawasna aya perbedaan identitas pleksikal jeung identitas kategorial cara conto kukudaan.
Ciri nu katilu netelakeun yen asal kecap rajekan bisa mandeg mandiri salaku satuan basa miboga harti, contona ngabibita, sok sanajan euwueh wangun dasar bita.
Ciri nu kaopat netelakeun yen wangun rajekan nu masih keneh bisa dirajek teu kaasup kana wangun rajekan, contona cakakak.

BAB III
PENUTUP


3.1.       Kasimpulan
Kecap rajekan mangrupa hasil tina proses ngarajek seudeungkeun proses garajek nyaeta proses ngawangun kecap ku jalan ngarajek (malikan) wangun dasar sagemblenganana atawa sabagian boh dinarung ku variasi fonem boh heunteu, bisa make rarangken bisa heunteu.
Secara gurat badag ditilik tina wanguna, kecap rajekan ngawengku :
a.       Dwilingga
b.      Dwipura
c.       Dwimadya
d.      Trilingga
Fungsi ngarajek kecap ngawengku 5 fungsi, nyaeta :
-          Fungsi Nominal
-          Fungsi Verbal
-          Fungsi Ajektival
-          Fungsi Numeral
-          Fungsi Partikel
Ciri rajekan kecap basa sunda ngawengku :
a.       Ciri Sematik
Ciri sematik kecap rajekan aya tilu, nyaeta :
-    Wagun dasar kecap rajekan salawasna miboga harti anu beda jeung harti rajekanana.
-    Proses ngarajek bakal nimbulkeun harti anyar
-    Harti nu dihasilkeun mangrupa harti gramatikal
0 Komentar untuk "Contoh Makalah Bahasa Sunda"

Back To Top